Oleh: Temi Gispianti
Penulis adalah Sekretaris Redaksi Manggala 2022-2023
Mangsa manah kana sabar
Ngancik kana karahayuan
Unggal wayah rasa jembar
Nuju kana kabagjaan
Jalan hirup diatur manten-Na
Milampah kana saban perkara
Sukur kana katangtuanana
sabar kana milampahna
Nampi kalayan ku katenangan
Nampi kalayan ku kasabaran
Mapay kana kataqwaan
Mapag kana karidhoan
Saukur tempat singgahna
Saacan pendak manten-Na
Ngumbara dina dunya-Na
Kalayan ku ridho nu maha Katresna
Jig anjeun geura indit
Lir cai nu ngocor ti hilir
Bral anjeun geura miang
Lir manuk nu boga jangjang